Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41
 

    nu ngadamel bumi alam,
    katut sakabéhna gusti.

  1. Syéh alim lajeng ngawuruk,
    ka syéh da ka nu berilmi,
    agus déngékeun kang rama,
    jalanna ilmu nu sajati,
    mudu tina qur’an heula,
    qur’an kersana Yang Widi.

  2. Piagemna Kangjeng rosul,
    nyaho ka kersa Yang Widi,
    ti dinya katerangannana,
    nu matak datang sidik,
    bumi langit alam dunya,
    sareng sakabĕhna eusi.//19

  3. Ngadé ka kersa Yang Agung,
    pisama’i yawalardid,
    pilaili walnaharo,
    jeung walsamsi walakmari,
    walun juuma wajibala,
    kanafil labri wal bahri.

  4. Sigana kersa Yang Agung,
    sato héwan kersa Widi,
    jeung sakabéh cucukulan,
    anu kumelit di bumi,
    éta kabéh dinyawaan,
    sing hadé tatakrama.

  5. Upama nu jadi ratu,
    geus tangtu nyaah ka abdi,
    rahayatna kudu disanak,