Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40
 

    nepi ka alif mun wahid.

  1. Geus bener anu sakitu,
    tegesna teges beresih,
    nya éta jalan hakékat,
    jalan ngawujudkeun gusti,
    lamun lain jalan éta,
    susur sasar ka basisir.

  2. Nyawa téh acan sumuhun,
    diasupan ku nu rujit,
    raga paséa jeung nyawa,
    tina jalan salah tampi,
    qur’an bismillah fatihah,
    alif jalanna hakiki.

  3. Nya éta goibul wujud,
    ulah diri wujud gusti,
    leburkeun raraga badag,
    ulah nganggo aing gusti,
    sanajan Alloh-Allohan,
    tacan bener jalan sidik.

  4. Geus tangtu éta kapahung,
    tangtu jadi raja iblis,
    disebut ku dalil qur’an,
    kapada ratu pujari,
    kufur doraka ti Alloh,
    nu mangangkeun aing gusti.

  5. Taya deui anu agung,
    ngan Alloh nu Maha suci,
    hanteu tilu hanteu dua,
    ulama (...) sajati,