Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39
 

    pitutur leuwih ti misti,//18
    tapi kudu sing kaharti,
    cacah ménak anom sepuh,
    kana ieu cariosan,
    sugan laun-laun harti,
    dibukakeun kana jalan marga padang.

    11. Pupuh Kinanti

  1. Kangjeng nabi geus ngadawuh,
    ieu kanyahokeun misti,
    anu jenengan saréat,
    tarékat hakékat deui,
    reujeung jenengan ma'rifat,
    éta tunggal jadi hiji.

  2. Lamun pisah henteu kumpul,
    balad saréat teu jadi,
    lamun henteu jeung tarékat,
    saréat henteu ngajadi,
    lamun teu nganggo hakékat,
    tarékat henteu ngajadi.

  3. Hakékat téh mudu weruh,
    mun teu weruh batal pasti,
    hakékatna sasauran,
    wujudna henteu kapanggih,
    teu tulatén ka rahayat,
    saur upamana abdi.

  4. Anu matak mudu weru,
    mun teu weruh batal pasti,
    mudu saréat tarékat,
    hakékat ma'rifat deui,
    qur'an fatihah bismillah,