Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38
 

  1. Éta enggeus terang pisan,
    nu hirup nyaho ka hurip,
    lamun geus nyaho huripna,
    arék sakumaha deui,
    kantunna ngalingling diri,
    bet diri téh jadi kitu,
    bungangang éta manahna,
    liwat seuri jadi ceurik,
    tutungna téh ngimutan diri sorangan.

  2. Guru nyata urang nyata,
    teu aya bédana deui,
    taya luhur taya handap,
    kabéh geus jadi sahiji,
    geus teu boga pikir deui,
    jadi gulung jadi mahnun,
    reujeung batur embung pisah,
    rasa jadi laki riba,
    kaliwatan ngaji dibéakkeun pisan.

  3. Bawa rasa geus meujeuhna,
    tapi haben hayang deui,
    nya éta jadi paingan,
    napsu téh nyontoan ilmi,
    beuteung pinuh hayang deui,
    ibarat urang téh ilmu,
    ayeuna mah geus karasa,
    ajian dibulak-balik,
    tapi masih ka (...) teu pisan béak.

  4. Ayeuna geus putus pisan,
    tuludan séép katulis,
    ayeuna diganti pasal,