Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37
 

    ulah ngaku tacan puguh,
    sabab bisi kaliwatan,
    guru téh ngalindih gusti,
    masing regep ngajagana anu caang.

  1. Nu regep taya batalna,
    nurut sakersana gusti,
    sampurnakeun ti ayeuna,
    papaykeun asal tatali,
    sabab asalna sahiji,
    ari geus ngahiji tangtu,
    yén meureun luhur sorangan,
    ku sabab kurangna tadi,
    lamun regep kurungan moal katingal.

  2. Misil kana caang bulan,
    padang satangkubing lait,
    caangna minangka urang,
    bulan kahibaran gusti,
    pék pikiran bulak-balik,
    caangna nurutkeun tangtu,
    éta salampahing bulan,
    caangna téh milu hurip,
    bulan téa hurip sotéh ku caangna.

  3. Saupama éta urang,
    dianggo wayang ku gusti,
    mudu hadep ka nu kersa,
    nu kitu sampurna hurip,
    geus jadi diri sajati,
    ku gusti luhur miluhur,
    tah tékad anu sampurna,
    caang mo bisa kari,
    bulan surup caangna balik ka asal.