Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36
 

    matak aya caang pasti,
    geus tinangtu aya damar,
    caangna ku angin sabin,
    damarna geus wujud kadim,
    caangna teu pisah tangtu,
    upama kedir jeung wayang,
    tah wayang téh katingali,
    dalang (...) dalangna nyukma ka wayang.

  1. Aya dalang aya wayang,
    sadaya enggeus maranti,
    tapi teu aya dalangna,
    wayangna mun katingali,
    misilna téh urang deui,
    urang téh napel ka hirup,
    rosul téh reujeung Muhammad,
    mo beunang dipisah deui,
    sabab wayang hurip sotéh ku caangna.


  2. Ku sabab urang geus nyata,
    jalanna caang kapanggih,
    jeung kalawan pituduhna,
    nya éta ti guru jati,//

    17


    saundakna mudu nyusul,
    tatapi mo liwat éta,
    caangna geus jadi hurip,
    damar pareum caangna taya bugangna.

    ..................................


  3. Ulah salia manahan,
    tékad téh datang pandeuri,
    gagal masih boga tékad,
    tah fatihah masing lantip,
    kapan caangna téh hurip,