Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35
 

    kabéh bangsa caang pasti,
    kabéh manut caang padang awak urang.

  1. Lamun geus kapendak nyata,
    naon nu nauhid kena deui,
    geus galib gumelar caang,
    teu béda lahir jeung batin,
    sanajan tékadna inggil,
    tapi medem poék luluh,
    tangtu baé moal kapendak,
    mun hareup manggih dumeling,
    manggih padang caang sadaya katingal.

  2. Ayeuna geus henteu béda,
    nu lolong jeung nu ningali,
    enggeus nyata sadayana,
    nu lolong ilang pamanggih,
    ti lahir tepi ka batin,
    nu beunta sulumaku,
    sadayana katingalan,
    teu béda lahir jeung batin,
    masing lantip urang téh nya ngamanahan.

  3. Beunang urang guru téa,
    nyata pisan enggeus pasti,
    ulah nurut ceuk nu lima,
    teuteupan ti guru jati,
    kamana néangan deui,
    ulah ngaku tacan puguh,
    geus nyata ulah ditinggal,
    nu salba tambah beresih,
    ulah nyingkah geus padang diawak urang.

  4. Hartikeun caangna damar,