Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34

solat tan anggota deui,
éta sampurna ning tunggal,
tétéla pasihan guru,
henteu aya kakurangan,
kacekna kurang pamanggih,
Alloh nurut sakarep-karep manusa.

4.

Mun masih boga kahayang,
balik ka itikad,
da ridu temen pikiran,
haben mikir beurang peuting,
aya euweuh aya pasti,
ayana geus jadi gulung,
gulungan kumaha téa,
henteu enggon deui,//16
nyatana mah geus tétéla nya déwékna.

5.

Saupama lir tamaga,
dicampur ku emas kuning,
geus leungit ngaran tamaga,
geus lebur wujud kakasih,
leungit duanana rupa,
geus lebur jadi panyebut,
jadi suasa ngaranna,
mudu netep nya pamilih,
satemena mudu ihlas ninggal dunya.

6.

Alloh téh jenengan tunggal,
nya éta Muhammad pasti,
atawa Muhammad diya,
pakumpulan kabéh rohi,
geus kumpul jadi sahiji,
tuluy genti nama hayun,
nyatana téh hirup urang,