Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33
24.

Aya omongan tatapi siloka deui,
dipaké upama,
kuat tapa wani mati,
teu kacida sakaratna.

25.

Rukun iman nu tadi meureun kapanggih,
sadaya kapendak,
ku sakur nu bisa mati,
sepuh anom ulah mangmang.

10. Pupuh Sinom
1.

Upama enggeus kapendak,
poma sing gumati,
tah padang jatining iman,
henteu kahalangan deui,
ulah kasmaran ati,
nya éta jatining hirup,
ulah sok rasa antara,
gagal mun tara sahiji,
mudu ngaji datang ngaji satanggal.

2.

Salah mun ngaji itikad,
ngaji téh mudu ngajinis,
sing béak tulisan awak,
kabéh ogé mawa tulis,
pasihan Yang Maha Sugi,
jalanna paparin guru,
poma ulah rék ditinggal,
kapan éta téh geus pasti,
mung kantun lepasan tauhid paningal.

3.

Téang tauhid tanpa tunggal,
ma'rifat tanpa tingali,
syahadat tanpa pangucap,