Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32
3.

urang téh di dunya,
nu hurip téh bakal mati,// 15
kusabab turunan wafat.

18.

Agama téh kapendakna ti pandeuri,
nya néangan heula,
ilmu nu sampurna diri,
meureun kapendak ti awak.

19.

Enya éta tegesna ilmu sajati,
tah hirupna téa,
ayana di guru jati,
masing hirup bisa hilang.

20.

Taréangan guru ilmu nu sajati,
teu manggih mah sing aya,
masing asrah jiwa diri,
masing gedé pameulina.

21.

Lain gedé dibeuli ku emas jeung duit,
mudu getol tirakat,
kitu pameuli nu pasti,
panganggu guru nu enya.

22.

Tatapina mun hayang sampurna diri,
éta sabalikna,
migawé naraka pasti,
lara wilang dilakonan.

23.

Sawarga kapendakna ti pandeuri,
nya naraka heula,
mana disebut dibalik,
méméh hilang bisa wafat.