Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31

dipapay tulisan diri,
kapendakna guru heula.

11.

Jeung waqoddir haayrihi minallohi,
kudu sing percaya,
untung ala untung becik,
papastén Alloh ta'mallah.

12.

Tah papastén dua perkara sing harti,
goréng jeung hadéna,
untung ala pageuh deui,
untung hadé nu kumaha.

13.

Walyaumil ahiri mudu sing sidik,
tegesna nya éta,
ngandel kana poé nu ahir,
nya éta poé kiyamah.

14.

Tapi éta kumaha percaya ati,
meureun kurang téa,
najan kiyamah geus leungit,
urang geus kiyamah heula.

15.

Éta kabéh diajina beurang peuting,
euweuh hiji anu nyata,
kaburu nepi pajangji,
paéhna hamo sampurna.

16.

Di dunya téh réa almi guru ngaji,
atawa pandita,
nya éta gaganti nabi,
nuluykeun agama téa.

17.

Tapi masing harti anu jadi wajib,