Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
51
 

    anu tepi ka kiwari,
    méh sarupa caritana,
    kolot-kolot ménak kuring,
    anu jadi bibit buit,
    kasebut nagara galuh,
    kaganti ku pajajaran,
    sanga pambi siliwangi,
    nu kasebut mencarkeun satanah Jawa.

  1. Ratu-ratu sunan-sunan,
    nu jadi pangagung nagri,
    sesebutan nu baheula,
    cara ayeuna bupati,
    ngaran pangagung nagri,
    ratu atawana perbu,
    ari ayeuna nu kocap,
    tedak perbu siliwangi,
    tina wates sanga perbu linggahiang.

  2. Jadi ratu di Sumedang,
    bibit tedak siliwangi,
    dikebatkeun caritana,
    jadi ratu nu diganti,
    ku putra anu kakasih,
    sanga perbu linggawastu,
    gancangna kacarita,
    putrana ngan hiji istri,
    jeung panungtung ratu nu agama budha.

  3. Kota Sumedang harita,
    kiduleun gunung kaeapi,
    disebutna kutamaya,
    sakaléreun palasari,
    nyandi ngan walungan cai,