Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52
 

    sisina beulah ti kidul,
    lahanna lempar pisan,
    awas ningal sakuriling,
    ngan tilu pal ti kota anu ayeuna.

  1. Sisi walungan cisugan,
    tepi ka jaman kiwari,
    nelah lembur kutamaya,
    ayeuna nu jadi bukti,
    tanda aya urut nagri,
    aya na téh rada luhur,
    ngembat sarupa jeung kuta,
    jiga pasir ngan masagi,
    ayeuna mah geus dirombak jadi sawah.

  2. Ayeuna ganti carita,
    ratu di nu séjén nagri,
    di Cirebon nagarana,
    kangjeng sunan Gunung Jati,
    kasebutna ratu wali,
    tedak kangjeng nabi rosul,
    harita éta sajaman,
    pada mangku ngéréh nagri,
    di Cirebon sareng di negri Sumedang.

  3. Ayeuna ratu anu dua,24
    mimitina kulet dalit,
    tatapi misah agama,
    budha jeung agama muslim,
    sinuhun Gunung Jati,
    teu pisan kersa ngaganggu,
    maksa ngasupkeun islam,
    tapi tetep silih asih,
    kacaturkeun lila-lila bébésanan.