Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
53
 

  1. Putrana ratu Sumedang,
    nya éta ngan hiji istri,
    ditikahkeun ka putuna,
    kangjeng Sunan Gunung Jati,
    maolana magribi,
    atawa nu sok disebut,
    pangéran pamalé karna,
    saéstuna kudu sarif,
    nya éta téh putra pangéran Pacunan.

  2. Ari pangéran Pacunan,
    putra Sunan Gunung Jati,
    énggalna kangungan putra,
    pameget kasép jeung segut,
    siga enggeus mawa ciri,
    ahir jadi pangagungna,
    kocapna ratu Sumedang,
    kalangkung nya suka galih,
    réh kagungan putra pameget utama.

  3. Énggal lajeng ngadeuheusan,
    ka sinuhun Gunung Jati,
    pihatur ratu Sumedang,
    ka sinuhun Gunung Jati,
    lajeng barina melas melis,
    sim kuring agung panuhun,
    éta pun incu téa,
    manawi paidin gusti,
    disuhunkeun rék diingu di Sumedang.

  4. Teu gaduh deui anak,
    jabi awéwé mung hiji,
    ku sinuhun geus kamanah,