Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54
 

    pijadieun awal ahir,
    wantuning bangsa wali,
    ngawalonan sinuhun,
    teu aya pisan halangan,
    wantuning sarua wajib,
    tapi éta bapana téh jalma islam.

  1. Agama nurut ka bapa,
    muda jadi islam deui,
    pihatur ratu Sumedang,
    ku sim kuring geus kapikir,
    sinarengna jisim kuring,
    nurutkeun riwayat sepuh,
    pitutur anu baheula,
    disebutkeun jisim kuring,
    panungtungan jadi ratu di Sumedang.

  2. Nu agama-agama budha,
    mangké geus tangtu diganti,
    nya éta ku incu téa,
    éta téh anu mimiti,
    ganti nyembah ka Yang Widi,
    ku agama nabi rosul,
    sareng tedak tumedak,
    dugi kana jaman ahir,
    sirna budha kaganti ku agama islam.

  3. Ketakeun ieu carita,
    perbu lingga waktu tadi,
    lambat lambut jumenengna,
    ahirna mangké diganti,
    ku putar-putar anu tadi,
    anu kasebut diluhur,
    ngéréh nagri Sumedang,