Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55
 

    ratu agama muslimin,
    awit ngeéréh eusi nagri bangsa budha.

  1. Tatapina lila-lila,
    saréhna ratu muslimin,
    pangeusi nagri Sumedang,
    anu jaradi muslimin,
    teu kacatur éta deui,
    sababna pada aranut,
    pantes geus nurut riwayat,
    kacaturkeun deui tadi,
    di Sumedang saeusining manjing islam.

  2. Sanggeus lila jumenengna,
    ratu Sumedang muslimin,
    ayeuna ganti anu kocap,
    raja geus bangsa muslimin,
    tékadna Majapait,
    jenengannana sinuhun,
    ngaratonan di Mataram,
    panembahan senapati, 25
    hingalaga mangkurat buana.

  3. Nu ngréréh satanah Jawa,
    kabéh jaradi muslimin,
    ngan kari tanah Pasundan,
    ratuna ngéréh pribadi,
    dina hiji-hiji nagri,
    gancangna nu mangun catur,
    saantéro Pasundan,
    digulungkeun jadi hiji,
    kabéh sujud ka sinuhun di Mataram.

  4. Henteu kacatur waktuna,