Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56
 

    panembahan senapati,
    ngéréhna tanah Pasundan,
    margana nya kitu deui,
    naha kalawan jurit,
    harti perang ngadu pupuh,
    saantero tanah Jawa,
    sumujud ka senapati,
    gancangna mah geus kawengku ku Mataram.

  1. Sanggeus nyaho Mataram,
    nu pangkat ratu satadi,
    kabéh diganti ngaranna,
    kudu disebut bupati,
    saban-sabanna bupati,
    kabéh diganjar jujuluk,
    jeung bupati di Sumedang,
    jaman harita mimiti,
    jujuluk Pangeran Kusumah dinata.

  2. Terus turun tumurun,
    sakur nu jadi bupati,
    nya kitu jenengannana,
    tepi ka ayeuna adat,
    sadayana eusi nagri,
    lumbrahna sok digantina,
    lamun bupati geus pupus,
    jeung mangké anu ngaganti,
    ieu ogé pangéran Kusumah dinata.

  3. Dina saenggeus wafatna,
    disebut pangéran santir,
    nelah nepi ka ayeuna,
    kasebut ngaran makamna,
    dalah tepi ka kiwari,