Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57
 

    lamun reugeuna geus pupus,
    salin disarebutna,
    lain keur jumeneng tadi,
    karĕana disebut makamna.

    16.Pupuh Asmarandana
  1. Sasurud pangéran Santir,
    tuluy di ganti ke putar,
    terus jenengannana téh,
    Pangéran Kusumah dinata,
    tatapi disarebutna,
    jeung pangéran Geusan Ulun,
    réa pisan earitana.

  2. Sanggeus jumeneng bupati,
    Geusan Ulun téh garwana,
    nu kasebut wargi ogĕ,
    istuna urang Sumedang,
    ngan tedakna Pajajaran,
    nami Nyimas Gedang Waru,
    putri nu ahli tatapa.

  3. Anu disarebut wali,
    Sunan Pada disebutna,
    dina jaman harita tĕh,
    mashur gedeng karamatna,
    nu cara di tanah Jawa,
    réa ulama nu mashur,
    nu sarupa Sunan Pada.

  4. Laku nu jadi bupati,
    sanggeus ka bawah Mataram,
    saban taun kudu caos,
    ngadeuheusan ka Mataram,