Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58
 

    geus jadi kawajiban,
    lalakon sakitu jauh,
    komo susah perjalanan.

  1. Tatapi henteu dipikir,//26
    wantu kawajiban téa,
    dina saban taun caos,
    diiring ku wajabalad,
    mawa gagaman perang,
    réana tepi ka ratus,
    kumaha geder nagrina.

  2. Upacara jeung pangiring,
    anu marawa ampilan,
    nu disebut kaparabon,
    Geusan Ulun kacarita,
    kagungan kapetengan,
    pamanggul Ki Sayang Hawu,
    kaduana kinangganan.

  3. Anu katilina deui,
    disebut Ki Kondang Hapa,
    nu kaopat térong péot,
    éta opak kapetengan,
    mungguuh nu ayeuna upas,
    beurang peuting tara jauh,
    disaréngkak dicacandak.

  4. Ngan Sayang Hawu pribadi,
    ngaranna Jaya Perkasa,
    ari baturan nu séjén,
    henteu disebut ngaranna,
    tapi geus tangtuna aya,
    tatapi henteu kacatur,