Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
59
 

    yén aya deui ngaranna.

  1. Aya anu kocap deui,
    jeung pangéran Girilaya,
    bupatina di Cirebon,
    pernah sadérék misan,
    réhna tunggul tetedakna,
    jeung Pangéran Geusan Ulun,
    loma wantu sadérékna.

  2. Pada tedak Gunung Jati,
    ari Pangéran Girilaya,
    geus lami jumenengna téh,
    malah ka asih ku sunan,
    datang ka enggeus diganjar,
    ku putri anu disebut,
    Ratu Emas Harisbaya.

  3. Éta istu yang saputri,
    putra ngeran kataruna,
    ……………………………………………………………
    tangtu enggeus kamanah,
    …………………………………………………………
    réh tedak kangjeng sinuhun,
    Gunung Jati waliyullah.

  4. Malah ari radén putri,
    Radén Emas Pancawarna,
    geus numutkeun ka Cirebon,
    ngabéla ankara kana,
    ayeuna nu kacarita,
    jeung Pangeran Geusan Ulun,
    geus sugema jumenengna.