Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60
 

  1. Réh kasebut aya wali,
    jadi paguron tarékat,
    Geusan Ulun lajeng baé,
    jengkar ka nagara Demak,
    ditengahna perjanan,
    dumadak gok baé tepung,
    jeung Pangéran Girilaya.

  2. Langkung sami suka galih,
    teu kamanah ti tadina,
    baris tepung jeung sadérék,
    Girilaya pék mariksa,
    rayi téh badé kamana,
    pihaturna Geusan Ulun,
    seja jarah ka Demak.

  3. Sadalah raka pribadi,
    ayeuna malah ti Demak,
    nya kitu nu dimaksud téh,
    nepangan paguron téa,
    istuna utama pisan,
    baris ngahususkeun élmu,
    karaos sugema pisan.

  4. Sambung pamuji kang rayi,
    sakersa puji laksana,
    sareng wewekas kakang téh,
    samulih rayi ti Demak,
    méga sindang ka si kakang,//27
    di Cirebon urang ngumpul,
    sareng kadang kulawarga.

  5. ( ... ) geus maksud ti tatadi,
    Geusan Ulun pangwalonan,