Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61
 

    rék dumeuheus ka Cirebon,
    ayeuna aya timbalan,
    digetakeun caritana,
    Girilaya Geusan Ulun,
    lajeng baé séwang-séwang.

  1. Girilaya lajeng mulih,
    Geusan Ulun terus ka Demak,
    kocapkeun énggalna baé,
    Geusan Ulun di Demakna,
    henteu panjang caritana,
    ngaji rahu enggeus eukup,
    sakersana geus laksana.

  2. Geusan Ulun enggeus mulih,
    teu kacatur dijalanna,
    enggeus sumping ka Cirebon,
    dipapag ku Girilaya,
    dina gok baé patepang,
    duanana sami munjung,
    jeng dihaturanan lenggah.

  3. Geus lami pada earalik,
    kalangkung suka manahna,
    patepang pada sadérék,
    dasar beunang ngajangjian,
    Pangeran Girilaya,
    lajeng ngagentraan nyaur,
    riya ratu Harisbaya.

  4. Énggalna téh geus jol sumping,
    Ratu Emas Harisbaya,
    pilahirna raka na téh,
    réh urang carang patepang,