Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62
 

    jeung bopati ti Sumedang,
    manéhna kakara tepung,
    ieu téh sadérék misan.

  1. Tenggal tedak Gunung Jati,
    manéh ulah asa-asa,
    nya ngaboja ka rama téh,
    réh urang carang patepang,
    Ratu Emas Harisbaya,
    tungkul jeung pasemon imut,
    sanggeus pada silitingal.


  2. Banget kapineut nya galih,
    ti beurang gok gé patepang,
    kakara ningal nu kasép,
    sarta mancur cahayana,
    Ratu Emas Harisbaya,
    banget pisan ngalilibur,
    ulah katawing gagiwang.


  3. Geus sami rék caralik,
    adat pangboja karmana,
    ti dinya Geusan Ulun téh,
    diperenahkeun kulemna,
    ku Pangéran Girilaya,
    dikulemkeun dina tajug,
    anu parek kabumina.


  4. Pangéran Girilaya tadi,
    sanget ngolah agamana,
    sabawah nagri Cirebon,
    ragem ngolahna agama,
    panganggeuna Girilaya,
    sok mindeng nyauran kumpul,