Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64
 

    pihaturna para alim,
    jeung teu pegat malencrongna,
    aromongna para alim,
    ieu bupati Sumedang,
    éstu jalma luhur singgih.

  1. Eukeur mah pangagung luhur,
    nya kasép nya hadé budi,
    lain jalma samanéa,
    pantes karamatna leuwih,
    saur Pangéran Girilaya,
    paménta akang ka adi.

  2. Mun tong waka gura giru,
    nya kersa mulih ka bumi,
    di dieu ngeureunan palé,
    mulih angkat ti nu tebih,
    ti dieu kana gigir Demak,
    lalakon welasan peuting.

  3. Pihaturna Geusan Ulun,
    sadaya-daya kairing,
    kocap Ratu Harisbaya,
    saban poé saban peuting,
    tambah-tamnah kagiunganna,
    méh teu bisa mengkek galih.

  4. Tampolana hayang gapruk,
    ngerewes muaskeun ati,
    sakuat-kuat ditahan,
    kacarita hiji peuting,
    Geusan Ulun enggeus tibra,
    Kulemna di masjid tadi.