Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
65
 

  1. Pamajikan nu kacatur,
    Girilaya jeung Nyi Putri,
    tapi nu tiba kulemna,
    ngan Girilaya pribadi,
    ari Ratu Harisbaya,
    nyileuk teu pegat ka éling.


  2. Geus teu tahan nahan napsu,
    tuluy gugah terus indit,
    ninggalkeun raka nu tibra,
    kaluar ti jero bumi,
    rérépéhan ……………………………
    ngajugjug golodog masjid.


  3. Pakuleman Geusan Ulun,
    pantona nutup di konci,
    tuluy baé diketrokan,
    suganna aya nu nyaring,
    tina hantem diketrokan,
    Ki Sayang Hawu ngalahir.


  4. Kacaturkeun Sayang Hawu,
    hudang tuluy muka konci,
    dibuka tuluy kaluar,
    digolodog geus papanggih,
    Geusan Ulun Harisbaya,
    pihaturna mangga gusti.


  5. Tidinya tuluy arasup,
    Geusan Ulun geus ngalahir,
    tuluy gugah gok patepung,
    henteu antaparah deui,
    Geusan Ulun Harisbaya,
    silirangkul jadi hiji.