Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
69
 

    ku maranéh kudu susul,
    sémah urang Sumedang,
    mun kasusul éta téh si Geusan Ulun,
    manusa kurang tarima,
    kangaran pangkat bupati.

  1. Gancangna nu diparéntah,
    kapetengan saukur para perjurit,
    ting salebrung ngulon gidul,
    réh aya dua jalan,
    saharita ka kulon reujeung ka kidul,
    ti Cirebon ka Sumedang,
    tur jalanna kabéh rumpil.


  2. Kacaturkeun anu minggat,
    ka Sumedang Geusan Ulun jeung Nyi putri,
    jongjon lakuna geus jauh,
    ninggang wates Sumedang,// 30
    kacaturkeun awasna Ki Sayang Hawu,
    manéhna ningal katukang,
    rasana geus rék katepi.


  3. Nu nyarusul pirang-pirang,
    Sayang Hawu taya pisan nu gimir,
    pihatur ka Geusan Ulun,
    gusti sumangga tingali,
    itu jalma pirang-pirang tangtu nu nyusul,
    tapi montong seber manah,
    lamun masih hirup aki.


  4. Anggur lajeng kebat angkat,
    malah ogé kaleng rayi Nyi putri,
    abdi mah di dieu kantun,
    badé ngadagoan Jawa nu nyarusul,