Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
70
 

najan puluh najan ratus,
teu gimir bulu salambar,
geus téga labuh pati.

6.

Ki Sayang Hawu opatan,
jeung baturna caricing taki-taki,
kacatur anu nyarusul,
geus jol pada daratang,
nu nyarusul patepung jeung Sayang Hawu,
henteu panjang silitanya,
geus prak baé tarung jurit.

7.

Sarupa banténg bayangan,
Sayang Hawu jeung opat batur tadi,
galak ngamukna ka musuh,
unggul pisan jayana,
tingjaloprak musuhna anu rarubuh,
tingjolopong patulayah,
Sayang hawu mandi getih.

8.

Kakepratan ku musuhna,
tina gulet ngadu pedang jeung keris,
Sayang Hawu kotak weduk,
teu terak ku pekarang,
nu nyusul sakarina nu rarubuh,
pada mabur lalumpatan,
taya kari dahiji.

9.

Ki Sayang Hawu opatan,
jeung baturna di dinya nagen cicing,
réh musuhna kabéh mabur,
ayeuna kacarita,
nu keur angkat Nyi putri jeung Geusan Ulun,
kacatur di jalanna,