Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
71
 

    ka Sumedang eggeus sumping.

  1. Nya éta ka kutamaya,
    pada hébat sakabéh abdi,
    pada maruru ngambung,
    saréh lami angkatna,
    kagét héran cacatur jeung pada batur,
    ngiring atoh gusti urang,
    mulihna ngaboyong putri.

  2. Pada hayang narongtonan,
    réh kakara aya di dinya putri,
    kacaturkeun Geusan Ulun,
    banget sumelang manah,
    réh sawadi Harisbaya geus miunjuk,
    enggeus ngadeg dua bulan,
    ngan kantun sumelang ati.

  3. Kitu hatur Harisbaya,
    tayoh ulah raka sumelang galih,
    tatapina Geusan Ulun,
    banget sumelang manah,
    réh geus angkat nyacat nu sakitu jauh,
    ti Cirebon ka Sumedang,
    tur angkatna beurang peuting.

  4. Ratu Emas Harisbaya,
    sasumpingna kalangkung hégar galih,//31
    hébat ningal gunung,
    leuweung mah sumawona,
    geus kalangkung istu leuweung luwang liwung,
    ti Cirebon ka Sumedang,
    nanjak mudun komo rumpil.