Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
72
 

  1. Tapi teu raos sangsara,
    katukeran ku katresna galih,
    lajeng Geusan Ulun nyaur,
    jeung pasemon marahmay,
    Eulis ulah rek ngagugu manah reungu,
    réh nénjo tanah Sumedang,
    jeung Cirebon lain deui.

  2. Kaéndahan kamulyaan,
    hanteu aya ayeuna mah diganti,
    nya leuweung luwang liwung,
    jalma ngan sakur aya,
    geus ngapasten kudrating Alloh nu agung,
    warna eusi alam dunya,
    nu aya di kolong langit.

  3. Ratu Emas Harisbaya,
    ngawalonan pasemon hégar galih,
    saurna kuring saumur,
    teu acan gaduh rasa,
    nu sakieu bungahna sagunung-gunung,
    paribasa laut lega,
    lega kénéh ati kuring.

  4. Ku Geusan Ulun kamanah,
    pangleuleunjar salahir-lahir putri,
    leleb mésem Geusan Ulun,
    puguh gĕ lalawanan,
    paribasa gula katinyuh ku madu,
    nya éta bandingannana,
    nu kasép reujeung nu geulis.

  5. Sigeg mu di kutamaya,
    gusti abdi pada barungah galih,