Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
73
 

    Ki Sayang Hawu kacatur,
    sabaturna tiluan,
    tacan ingkah ti urut tarung jeung musuh,
    di dinya didaragoan,
    bisina baralik deui.

  1. Caturna Ki Kondang Harpa,
    snggur hayang nyarusul gusti,
    di dieu téh tambuh laku,
    gé geus sakitu lilana,
    tanpa guna urang nyangadago musuh,
    tugenah si Jawa édan,
    hirup téh jerenih ati.

  2. Sanggeus rempeg jeung baturna,
    tuluy baé ti dinya arindit,
    gustina anu diburu,
    ngajugjug kutamaya,
    sadatangna ku baturna dibaruru,
    aromongna baragéa,
    catur awéwé lalaki.

  3. Nu aya di kutamaya,
    teu nyahoeun yén entas tarung jurit,
    ti dinya Ki Sayang Hawu,
    ngadeuheusan ka gustina,
    ngadadarkeun mentas tarung jeung musuh,
    nu paéh gempur bangkéna,
    nu hirup malabur miris.

  4. Purwa abdi henteu énggal,
    ngadagoan bilih baralik deui,
    pilahirna Geusan Ulun,
    nuhun ka Gusti Alloh,