Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74
 

    kadarkeun urang mulus jeung rahayu,
    jeung kula banget tarima,
    tina kabélaan aki.

  1. Jeung sabaturna tiluan,
    gumelana pada naruh ati,
    mangsa bodo anu agung,
    nu pimalesenana,
    ka opatan nu geus ngadu tarung pupuh,
    dipaparin kaunggulan,
    lepas tina baya mati.

19. Pupuh Dangdanggula


  1. Tunda heula nu keur bungah galih,
    Geusan Ulun reujeung Harisbaya,
    sasat eukeur oléng pangantén,
    beurang peuting dirubung,
    ku sadaya ais pangmapih,
    pada meungpeung kasukaan,
    ayeuna kacatur,
    Girilaya sadatangna,
    nu nyarusul baladna perjurit,
    éta nu nyusun garwana.

  2. Nari unjuk salampahna tadi,
    nyusul rayi Harisbaya,
    dugi ka wates Cirebon,
    geus méh kasusul baé,
    istu sidik rayi dipaling,
    ku bupati Sumedang,
    dicandak ka gunung,
    purwa henteu terus kebat,
    réh dijagi ngantos lami tarung jurit,
    jeung kapetengannana.