Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
76
 

  1. Dina pasar dagang wara wiri,
    teu katangen yén éta utusan,
    ayeuna gancangna baé,
    Harisbaya kacatur,
    sasumpingna di jero puri,
    tacan angkat-angkatan,
    kara kapihatur,
    hoyong ningali di pasar,
    lajeng angkat pirang-pirang anu ngiring,
    enggeus sumping ka pasar.

  2. Geus tinangtu pasarna leutik,
    tuluy ngider ningali dagangan,
    béh anu dagang pépéték,
    jeung rupa-rupa lauk laut,
    Harisbaya manahna éling,
    di Cirebon hargana,
    éta lauk laut,
    tuluy mariksa hargana,
    hiji peda pihaturna genep duit,
    bangun kagét manahna.

  3. Harisbaya kagét jeung ngalahir,
    banget teuing dimahalkeunana,
    kami nyaho di Cirebon,
    hargana lauk laut,
    lamun hiji peda saduit,
    lajeng anjeunana angkat,
    ayeuna kacatur,
    anu nyamar dagang peda,
    narenjoan ka Nyi putri,
    enggeus sidik nya ĕta nu ditéangan.

  4. Tuluy baé gura giru indit,