Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
77
 

    teu kacatur lakuna di jalan,
    jol geus datang ka Cirebon,
    tuluy baé ngajugjug,
    ka bumina Kiyai patih,
    jeung pada arunjukan,
    salakuna untung,
    istu kabeneran pisan,
    tacan lila di jalanna geus jol sumping,
    Nyai putri ka pasar.

  1. Puguh ogé waktuna satadi,
    réa jalma geus pada terang,
    ka Ratu Harisbaya téh,
    geus pertéla pihatur,
    éta dua utusan tadi,
    dibawa ngadeuheusan,
    ka jero kadaton,
    diunjukeun titih pisan,//33
    sanggeus tamat ku Girilaya ka galih,
    tuluy mindel sakedap.

  2. Sanggeus kitu milahir ka patih,
    bapa patih geura paréntahan,
    kapetengan perjurit,
    tuluy baé ngarurug,
    ka Sumedang sabab geus sidik,
    Harisbaya ayana,
    tuluy baé tempuh,
    masing samakta gagaman,
    Sumedang téh wantuning nagara leutik,
    sajongjongan gé bedah.

  3. Tapi urang leuwih hadé titih,
    Geusan Ulun disuratan heula,