Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
78
 

    ditanya sapakarepan tĕh,
    naha karepna taluk,
    jeung nyanggakeun deui Nyi putri,
    lamun niat ngalawan,
    geus tangtu ditempuh,
    ulah sambat kaniaya,
    moal burung bangkéna manéhna disiksik,
    keur hakaneun buhaya.

  1. Ti dieu nu mawa surat tadi,
    campur baé jeung balad anu réa,
    montong bareng datangna téh,
    balad mah kudu tunggu,
    sabalikna utusan tadi,
    nu mawa surat téa,
    mun si Geusan Ulun,
    teu taluk sarah bongkokan,
    tuluy tempuh sing datang ka burak barik,
    ka pangradegan téa.

  2. Saharita jalan leutik rumpil,
    gedena gé ngan satapak,
    ngan anu ratana téh,
    turut sisi Cimanuk,
    geus didinya balad perjurit,
    mapay cai ka girang,
    sisi Cimanuk,
    milihan nu rada lempar,
    ka Cipeles muarana geus nepi,
    di dinya manggih lempar.

  3. Tuluy mapay ganti sisi cai,
    enya éta sisi Cipeles girang,
    ti dinya balad-balad téh,