Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
79
 

    kandeg ka gunung batu,
    nu rarenges luhur ngadingding,
    kabéh pada nareuba,
    ngeureunan lumaku,
    pada nyieun pamondokan,
    sakadarna pernahna di sisi cai,
    pada ngasokeun badan.

  1. Marondokna kakara sapeuting,
    dumadakan méh kabéh muriang,
    réa anu ngadadak paéh,
    tuluy pada pahibut,
    sakuatna pada arindit,
    nyaringkahan ti dinya,
    bari meuli catur,
    tangtu ieu téh gogoda,
    tah tidinya anu nepi ka kiwari,
    sebut ngaran godang.

  2. Kocap anu mawa surat tadi,
    teu ngarandeg terus mawa surat ka Sumedang,
    tuluy disanggakeun baé,
    surat ka Geusan Ulun,
    geus diaos ungeling tulis,
    henteu kaungel panjangna,
    tapi enggeus tangtu,
    kukuh atawana pasrah,
    caritakeun kanu mawa surat kami,
    Geusan Ulun dawuhna.

  3. Ayeuna mah manéh geura balik,
    hég béjakeun ka si Girilaya,
    beurang peuting didago,//34
    lamun niat ngarurug,