Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
80
 

    tanda enya anak lalaki,
    montong rék adu balad,
    ku kami ditunggu,
    utusan téh geus bral mulang,
    kacaturkeun Ki Sayang Hawu caringcing,
    saréh geus meunang béja.

  1. Ti Cirebon geus datang perjurit,
    rék nempuh nagara Sumedang,
    tapi ayeuna ngadago,
    didinya karumpul,
    kapetengan para perjurit,
    Ki Sayang Hawu kocap,
    tuluy baé nyamur,
    néang anu ngumpul téa,
    manéhna ngajadikeun aki-aki,
    anu geus ripuh pisan.

  2. Kacaturkeun geus gok baé panggih,
    balad ti Cirebon nu keur ngumpul téa,
    pok nanya Sayang Hawu téh,
    naha mana ngarumpul,
    lebah dieu tempat nu suni,
    naha teu naréangan,
    nu deukeut ka lembur,
    diwalon ku wadiya balad,
    lamun aki teu nyaho dikasi,
    sabatur wadiya balad.

  3. Ti Cirebon nu rék nempuh jurit,
    rék ngagesek pangeusi Sumedang,
    dina burak barik kabéh,
    komo si Geusan Ulun,
    rék diwejek jeung dijejewing,