Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81
 

    sumeja ditempuh,
    nu badé ngarurug téa,
    ulah kantos kadieu aya anu nepi,
    sina kabur barurakan.

  1. Pilahirna Geusan Ulun aki,
    kula henteu alang kumapalang,
    nya percaya ka aki téh,
    ngan kudu mawa batur,
    urang kudu laku jeung titih,
    da nyorangan mah nista,
    catur Sayang Hawu,
    sinareng gaduh paneja,
    hadé melak hanjuang jadi partawis,
    abdi téh nya gumelar.

20. Pupuh Durma


  1. Unamina éta téh tangkal hanjuang,
    katingali ku gusti,
    aralum (.......),//35
    atawa paéh pisan,
    éta téh jadi pertawis,
    kasoran perang,
    musuh nu unggul jurit.

  2. Tapi lamun hanjuang téh belegerna,
    montong sumelang galih,
    ulah kurang jiad,
    abdi masih gumelar,
    Sayang Hawu nyembah indit,
    nyiar hanjuang,
    teu lila enggeus manggih.

  3. Sayang Hawu melakkeun tangkal hanjuang,