Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
83
 

    reujeung di ati-ati,
    teu aya nu ningal,
    di alun-alun pisan,
    wantuning keur laku demit,
    geus kitu mangkat,
    baris mapag ngajurit.

  1. Dibarengan ku batur tiluanana,
    pada dangdan jurit,
    nya éta nangganan,
    rawuh Ki Kondang Hapa,
    Térot péot kitu deui,
    geus bral mariang,
    datang ka urut tadi.

  2. Kapicatur geus prak baé tarung perang,
    teu silinanya deui,
    jalma nu opat,
    dihurup ka ratusan,
    tapi henteu pisan gimir,
    sanajan opat,
    pada maratek aji.

  3. Weduk banyu kabedasan halimunan,
    mun dikadék sakali,
    liput ku harita,
    sakitu jajatén,
    balad Cirebon mariris,
    nungtutan lumpat,
    malabur burak-barik.

  4. Burakna téh ngidul ngulon ngalér ngétan,
    hantem baé dibeberik,
    opat kapetengan,