Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84
 

    sayang Hawu nanganan,
    jeung anu duaan deui,
    enggeus papisah,
    musuhna dibeberik.

  1. Dua tilu poé harita perangna,
    pada tacan baralik,
    kocap Ki nangganan,
    pangheulana mulangna,
    tuluy unjukan ka gusti,
    lakuna perang,
    musuhna kabur miris.

  2. Mariksakeun aki Sayang Hawu mana,
    walonna duka gusti,
    saréh papisahan,
    waktu ngalawan perang,
    tilu dinten tilu wengi,
    teu pisan tepang,
    jajah pada ngajurit.

  3. Pilahirna Geusan Ulun karangganan,
    sugan katempuh jurit,
    walon Ki nangganan,
    duka gusti dimana,
    ngan batur nu dua deui,
    rajeun katingal,
    dina waktu ngajurit.

  4. Geusan Ulun ngadangu hatur nangganan,
    banget manahna sedih,
    jadi dimanahan,
    Ki Sayang Hawu tiwas,
    ngan éta andelan jurit,