Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
86
 

  1. Kacaturkeun ti kutamaya barudal,
    nanjak ka leuweuh sami,
    di jaman harita,
    teu acan dingaranan,
    cara perti kiwari,
    nelah ngaranna,
    dayeuh luhur nagri.

  2. Geusan Ulun lali kana perjangjian,
    Sayang Hawu satadi,
    geus nyieun tangara,
    tangkal hanjuang téa,
    upama masih walgri,
    montong sumelang,
    pertawis unggul jurit.

  3. Geus bral mangkat sapangeusi kutamaya,
    sabogana diringkid,
    ti dinya pernahna,
    ka kidul méngkol ngétan,
    narajak di pasir reungit,
    terus kawétan,
    sami marentas cai.

  4. Ari nu dimaksud dijugjug téa,
    suku gunung rangganis,
    anu pangwétanna,
    réh luhur momonggorna,
    disebut ku kiwari,
    nya kabuyutan,
    mashur kamana mendi.

  5. Éta nu disebut buyutan,