Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
87
 

    sipatna batu euri,
    nangtung cara tihang,
    kawas ti jaman budha,
    nepi ka jaman kiwari,
    taya robahna,
    ngadeg di puncak pasir.

  1. Gancangna téh teu kacatur dijalanna,
    Geusan Ulun sumping,
    Sumedang manéhna,
    réh Ratu Harisbaya,
    ngandegna geus dua sasih,
    waktu harita,
    tur nyorang jalan rumpil.

  2. Tapi Ratu Harisbaya berag pisan,
    kocapkeun abdi-abdi,
    pangeusi nagara,
    sakabéh geus daratang,
    jeung ngirid saanak rabi,
    pada bebenah,
    baris enggona cicing.

  3. Henteu lila geus jadi rupa negara,
    najan taringgul rumpil,
    tina kaperluan,
    geus diatur ditata,
    bumi ménak abdi-abdi,
    komo lebetna,
    pantes bumi bopati.

  4. Kacaturkeun malikan deui carita,
    Ki Sayang Hawu tadi,
    keur waktu perangna,