Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88
 

    unggul pisan gagahna,
    musuhna kabur miris,
    hantem diudag,
    teu weléh ngabeberik.

  1. Kiyai Sayang Hawu ngarandeg ngudagna,
    tina kacida teuing,
    jauh ti urutna,
    tadi mimiti perang,
    tuluy hohorakna tarik,
    dagoan Jawa,
    nurus tanjung jejerih.

21. Pupuh Sinom


  1. Ĕta jadi sasakala,
    urut Sayang Hawu tadi,
    hookeun ka musuhna,
    nu diudag mabur miris,
    tepina ka kiwarina,
    aya lembur disarebut,
    ngaranna dago Jawa,
    picaturna nini aki,
    di Sumedang mashur kitu riwayatna.

  2. Kebatkeun ieu carita,
    Ki Sayang Hawu téh tadi,
    ngarandeg eureun di dinya,
    ka manéh téh kapikir,//37
    ayeuna anggur balik,
    tanpa guna sedih kalbu,
    sakieu dihookan,
    taya anu balik deui,
    ti dinya téh Sayang Hawu terus mulang.