Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
89
 

  1. Bari néangan baturna,
    dipapay diilik-ilik,
    dina urut tarung perang,
    bari gegeroan tarik,
    barina diilik-ilik,
    ka nu buni ka nu singkur,
    pikirna palangsiang,
    pada kasoran ngajurit,
    hantem srok jeung bari bingung pikiran.

  2. Sayang hawu henteu nyangka,
    yén batur enggeus baralik,
    panyangkana katiwasan,
    sugan layonna kapanggih,
    jeung dihantem disungsi,
    di nu buni di nu singkur,
    sanggeusna weléh néangan,
    Sayang hawu datang pikir,
    leuwih hadé kami gancang baé mulang.

  3. Tina geus weléh nĕangan,
    rék diunjukkeun ka gusti,
    tuluy Sayang hawu mangkat,
    henteu weléh alak ilik,
    ka kanan sareng ka kiri,
    nya éta ngilikan batur,
    barina jeung gegeroan,
    gancangna baé geus nepi,
    kagét bengong ningal dayeuh kutamaya.

  4. Kagéteun kabina-bina,
    pikirna asa ngimpi,
    jeung nénjoan imah-imah,
    kosong nepi runtang ranting,