Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90
 
    taya jalma sahiji,
    alak ilik ngalér ngidul,
    tuluy Jaya perkasa,
    ingeteun jangjina tadi,
    enggeus nyieun tatanda tangkal hanjuang.

  1. Ti dinya tuluy ditéang,
    teu lila geus béh kapanggih,
    éta téh tangkal hanjuang,
    belegerna hirup hurip,
    ti dinya téh kapikir,
    tayohna téh Geusan Ulun,
    henteu ningali hanjuang,
    teu ngadeuleu kana jangji,
    abong-abong ka jalma bangsa urakan.

  2. Manéhna datang pikiran,
    kakara manéhna indit,
    nénjo urut jalma budal,
    mapay ka kanan ka kiri,
    taksiranana sidik,
    pangkosong pada murubus,
    paranan ngidul ngétan,
    hantem dipapay disungsi,
    jeung papanggih jalma anu lalar liwat.

  3. Ti dinya menang carita,
    di gunung geus ngadeg nagri,
    nu budal ti kutamaya,
    beuki lila beuki sidik,
    ti dinya ganti pikir,
    Sayang hawu datang napsu,
    leumpangna beuki gancang,
    teu karasa jalan rumpil,