Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91
 

  1. kacaturkeun ka dayeuh luhur geus datang.

  2. Tuluy baĕ ngadeuheusan,
    Geusan Ulun eukeur calik,
    dideuheusan ku baturna,
    Geusan Ulun kagĕt galih,
    barang rĕt katingali,
    tuluy digupay disaur,
    koeap jol kapayuneun,//38
    lahir bagĕa aki,
    Sayang hawu tungkul henteu ngawalonan.

  3. Ngan tuluy baĕ unjukan,
    kunaon margina gusti,
    mana ngalih ti negara,
    ka nu luhur ka nu suni,
    eujeung sakieu rumpilna,
    pilahirna Geusan Ulun,
    nya dalah kumaha,
    ihtiar salamet diri,
    mending mubus tibatan badan cilaka.

  4. Sanggeus kula meunang bĕja,
    yĕn aki kasambut jurit,
    teu aya deui andelan,
    kajaba aki pribadi,
    tuluy baĕ ngagidir,
    awakna Ki Sayang hawu,
    jeung bari piunjukna,
    kapan abdi enggeus jangji,
    nyieun tanda tangkal hanjuang nu nyata.

  5. Upami ĕta hanjuang,
    nu didamel tawis tadi,