Kaca:Wawacan Babad Sumedang.djvu/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92
 

    rubuh atawa perang,
    komo mun paéh sakali,
    éta pertawis abdi,
    kasoran paéh ku musuh,
    tatapina kagét pisan,
    barang dongkap béh baé kapanggih,
    béh ditingal nagara geus burak pisan.

  1. Bengong baé sajongjongan,
    teu aya jalama sahiji,
    ku hayang nanya sababna,
    dayeuh kosong runtang ranting,
    ti dinya datang pikir,
    boa hanjuang téh rubuh,
    tuluy baé di téang,
    barang béh istu walagri,
    henteu robah hirup belegerna pisan.

  2. Na kumaha katingalna,
    ku gusti waktu satadi,
    Geusan Ulun pilahirna,
    kami nya poho téh teuing,
    eujeung kaburu kapanggih,
    jeung batur aki nu tilu,
    anu tadi babarengan,
    ti dieu rék mapag carita,
    sadatangna ku kami gancang ditanya.

  3. Aki Sayang hawu mana,
    mana henteu bareng balik,
    pihatur aki nangganan,
    sumuhun duka gusti,
    réh tilu opat wengi,
    abdi henteu tepang,