Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Badéga ngawangsul duka nya
    Ceuk sawaréh nu ngomong itu sumuhun
    Geus deukeut Jaka Mursada
    Dén Patih jeneng ningali

  1. Jaka Mursada ngandika
    Jalma naon itu Paman loba teing
    Ardanaya seug piunjuk
    Aéh agan geuning nya éta
    Mun teu ningal Patih Cangkiling di Erum
    Patih Rama Agan pisan
    Nya éta Patih Cangkiling

  2. Coba ku Agan tepangan
    Jaka Mursada nepangan ka Radén Patih
    Serta langkung mendo munjung
    Patih Cangkiling ngandika
    Ari Asép asana kakara tepung
    Pun Paman sok hayang terang
    Ti mana nya tuang bumi