Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Sareng nya saha jenengan
    Rék ka mana numawi ka dieu sumping
    Jaka Mursada nyembah matur
    Nuhun Abdi dipariksa
    Ari imah di Nini Tamli di Gunung
    Sim abdi anu diseja
    Rék marek ka Rama kuring

  2. Rehing mendak cariosan
    Raja Erum éta éstu Rama kuring
    Kitu béja urang Gunung
    Ari simabdi nya ngaran
    Loba pisan ka Sim kuring anu nyebut
    Jaka Mursada nya ngaran
    Kitu ngaran Jisimkuring

  3. Ngaranjug patih manahna
    Seug ngandika duh Asép teu nyana teuing
    Radén geus sagedé kitu
    Teu nyana Jaka Mursada
    Puguh enya Asép putra Raja Erum
    Ari ieu Asép saha