Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

  1. Kajeun abdi paéh jadi siit
    Teu lakian lamun tinekanan
    Ngan sakitu panuhun téh
    Sang raja deui ngadawuh
    Geuning éta kitu patih
    Si nyai omongannana
    Jeung kumaha atuh
    Patih Erum cedok nyembah
    Bari matur nun sumangga dawuh gusti
    Ku abdi pisan kakuping


  2. Sakitumah asa gampil teuing
    Rewas abdi sabab kapengker mah
    Raja Erum ka gerwana téh
    Giruk kaliwat langkung
    Malah ayeuna gé gusti
    Disegah misah bumi
    Tebih ti kadaton
    Anu mawi rada cua
    Ongkoh keur bobot Andaya Sasih
    Pangreuneuhna meunang jinah


  3. Kapengke mah nimbalan abdi
    Raja Erum miwarang paéhan
    Ku abdi ditimbang baé
    Ditungguan ka ngajuru
    Nu mawi ngetangan dipeuncit
    Ku raja diidinan
    Teu cios dihukum
    Ayeuna pamundut putra