Kaca:Wawacan Jaka Mursada.pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Tapi manah patih Erum
    Saur sotéh lebet galih
    Raja Mesir seug ngandika
    Ka putra ngadawuh
    Nyai Ama nampi serat
    Ti raja Rum unggelna nanyaan Nyai
    Kumaha nyai ayeuna

  1. Lamun kersa nyai téh dikawin
    Unggal serat mudu ayeuna
    Kumaha kersa Nyai téh
    Mun kersa urang ka Rum
    Jeung ibu ama sakalih
    Nyai poma ayeunamah
    Isin ku raja agung
    Pikeun lampah nu katukang
    Sabab éta jumeneng tur sugih
    Tur ama doa kacida


  2. Purba Lintang ka rama ngalahir
    Hatur sembah nun ama sumangga
    Ari kersa dimomoré
    Nanging gaduh nya panuhun
    Lamun garwana dipeuncit
    Sumangga pisan ditikah
    Ku sang raja Erum
    Karanten mun teu kitu mah
    Abdi narah kajeung teu gaduh salaki
    Lamun teu dongkap nya niat